1.) Rasa naon anu dibrehkeun Dina Kawih tanah sunda teh? -keterangan: Kawih Tanah Sunda Oleh Koko Koswara.
B. Daerah
RantiSriMaudy10
Pertanyaan
1.) Rasa naon anu dibrehkeun Dina Kawih tanah sunda teh?
-keterangan:
Kawih Tanah Sunda
Oleh Koko Koswara.
-keterangan:
Kawih Tanah Sunda
Oleh Koko Koswara.
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kawih mangrupakeun salahsahiji rupa lalaguan anu aya dina seni sora Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan anu aya dina seni sora Sunda, nyaeta anu disebut kawih, kakawihan jeung tembang. Kawih jeung kakakwihan, umpama ditilik tima rumpakana, mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeunkarya sastra wangu puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan.
Rasa nyaeta salahsahiji unsur anu aya dina rumpaka kawih. Rasa kawih nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Jadi, sanajan kawih mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, saperti aturan guru lagu jeung guru wilangan anu aya dina pupuh, dina kawih aya sababaraha unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka kawih. Unsur-unsur anu aya dina kawih nyaeta unsur jejer atawa tema, unsur nada jeung suasana, unsur rasa jeung unsur amanat.
Tema atawa jejer kawih nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Nada jeung suasana kawih nyaeta sikep anu nulis rumpaka kawih anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca kawih. Rasa kawih nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Amanat kawih nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang dtepikeun ku anu ngahaleuangkeun kawih atawa anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kawih.
Di luhur disebutkeun yen rasa kawih nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Kukituna rasa kawih bakal kaciri umpama eta kawih dihaleuangkeun. Umpama nilik kana unsur rasa anu aya dina rumpaka kawih Tanah Sunda, rasa anu diebrehkeun dina kawih Tanah Sunda nyaeta rasa daria dina mikanyaah, miara jeung ngajaga Tanah Sunda, sabab anu lian mah moal bisa ngatur ngolah jeung ngariksa Tanah Sunda..