tilu kecap rajekan dwilingga
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kecap rajekan diwilingga nyaeta salahsahiji rupa kecap rajekan nu aya dina basa Sunda. Kecap rajekan nyaeta kecap anu disebut dua atawa aya oge anu tilu kali, boh wangun kecap dasarna boh engangna.
Kecap rajekan teh salian ti dirajek wangun kecap dasar atawa engangna, biasana aya oge kecap rajekan anu diwangun ku cara nambahan rarangken, saperti rarangken hareup atawa rarangken tukang.
Pembahasan
Kecap rajekan dwilingga nyaeta kecap rajekan anu dirajekna teh wangun dasarna. Aya dua rupa kecap rajekan dwilingga, nyaeta kecap rajekan dwimurni jeung kecap rajekan dwireka.
Kecap rajekan dwimurni nyaeta kecap anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora. Sedengkeun kecap rajekan dwireka nyaeta kecap anu dirajek nyaeta wangun dasarna bari ngarobah sora.
Conto kecap rajekan dwimurni nyaeta mobil-mobil, jalma-jalma, motor-motor. Sedengkeun conto kecap rajekan dwireka nyaeta luak-lieuk, pulang-pelong, tual-toel.
Pelajari lebih lanjut
1. Naon anu dimaksud kecap rajekan https://brainly.co.id/tugas/13598682
2. Conto kalimah tina kecap rajekan https://brainly.co.id/tugas/948238
3. Conto kalimah kecap rajekan dwilingga https://brainly.co.id/tugas/8811964
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman
Bab : 2
Kode : 10.13.2
Kata Kunci : Kecap rajekan, kecap rajekan dwilingga, kecap rajekan dwimurni, kecap rajekan dwireka