Contoh Tiga rupa rarangken tengah
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Contoh tilu rupa rarangken tengah nyaeta al/ar, um jeung in. Kecap nu dirarangkenan disebut kecap rundayan. Rarangken tengah mangrupa salahsahiji rupa tina rarangken nu aya dina kecap rundayan. Dina kecap rundayan aya tilu rupa rarangken nyaeta rarangken hareup, rarangken tengah jeung rarangken barung.
Pembahasan
Ditilik tina wangunna aya opat rupa kecap nyaeta nu disebut kecap asal, kecap rundayan, kecap kantetan jeung kecap rajekan. Kecap rundayan, kecap kantetan jeung kecap rajekan disebut oge kecap turunan atawa kecap jadian. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta contoh tilu rupa kecap nu dirarangkenan rarangken tengah, nyaeta:
- Rarangken al/ar + kecap bageur jadi kecap balageur
- Rarangken um + kecap geulis jadi kecap gumeulis
- Rarangken in + kecap tulis jadi kecap tinulis
Pelajari lebih lanjut
- Conto kecap anu ngandung rarangken hareup https://brainly.co.id/tugas/7087944
- Conto kalimah anu make rarangken tengah https://brainly.co.id/tugas/15511276
- Conto rarangken pang-keun https://brainly.co.id/tugas/439773
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 8.13.6
Kata Kunci : Contoh tilu rupa rarangken tengah